Wednesday, 1 October 2014

CARPON:Cikahuripan

Ini merupakan salah satu carpon karangan Saya ketika masih duduk di bangku sekolah dasar guys. Haha, lets check it out:))))

   Hiji wanci anu hade kalayan dibarengan ku cuaca sing sarua alus bengras taya aling-aling siga anu nyatujuan kana lengkah ieu suku pikeun anjog kana salah sahiji desa di hiji palemburan anu kaasup lembur anu sing sarua resikna jeung endahna. Anu kaasup lembur, Desa eta anu bakal dituju ku kuring teh nyaeta anu katelahna Desa Cikahuripan ditatar pasundan di sabudeureun suku Gunung Tampomas.

     Mun aranjeun atawa saha wae anu pernah ngalaman ulin atawa nyorang ka padesaan, bakal semu betah lamun pernah nyorang oge ka desa Cikahuripan ieu. Lain pedah desana padeukeut jeung puseur dayeuh, lain pedah desana jadi jembatan panyambung keur menuju ka desa-desa lain. Namung aya hiji kaunggulan desa ieu nyaeta desa anu bisa nyiptakeun kasejahteraan rahayatna ku hasil bumi jeung tatanenna.

     Rahayatna hirup kumubuh babarengan nyiptakeun kaamanan, katartiban, kaberesihan, oge sok milu nunjang kana program-program anu dikudukeun ti pamarentah.

     Oge aya deui kaleuwihan desa ieu teh salain ti endah alamna, lingkunannana rareusik, aya hiji tempat anu soka pada ngajugjug ku jalma ti anggangna nyaeta aya cai anu bisa jadi obat, dijieun panyinglar hiji-hijina panyakit nyaeta cai anu ngocor terus ti pagunungan, meureun pedah aya di sabudeureun kampung Cikahuripan.

     Angin ngahiliwir neumbak kanu pepelakan dina jalan satapak anu ku kuring keur dilampah. Luak-leok ka sabudeureun pilemburan anu dihias ku hejo ngemplok ku pepelakan tatanen para patani.Ti suku Gunung Tampomas ngalir cai walungan anu nyaian tatanen eta. Estu nambahan kaendahan alam Cikahuripan di tanah pasundan sisi Gunung Tampomas ieu.

     Salian ti maksud pikeun ngayakeun panalungtikan tugas ti sakola jeung babaturan, kuring oge aya maksud pikeun nyobaan hasiat jeung kagunaan cai eta, anu ahirna rek dibuktikeun bener henteuna cai eta aya hasiatan.

     Samemeh anjog kanu dituju nyaeta tempat Cikahuripan eta, geuning kaayaan pilemburna bener-bener rame seueur pangunjung ti jalma-jalma luar daerah. Hal ieu meureun nu ngajadikeun eta Desa Cikahuripan teh desa anu kajojo, kawentar ka sabudeureun daerah.

     Anu ngajadikeun Desa Cikahuripan salian ti pendapatanna tina hasil tani, oge tina hasil sumbangan ti para pengunjung da geuning sabudeureun cai Cikahuripan teh dipager di tata reujeung diurus ku pangurus sesepuh desa. Anu hasilna sanes ti saukur lumayan.

     Aya oge geuning saratna pikeun nyokot cai Cikahuripan eta teh, nyaeta kedah gaduh wudhu, tong leuwih ti saaqua botol. Ieu nandakeun yen urang teh kedah suci salawasna upama aya maksud, sareng nandakeun yen urang kudu inget ka batur salian ti urang anu pada-pada ngabutuhkeun.

     Saenggeusna kuring boga sabotol aqua masing-masing, rombongan kuring mulang, anu saterusna rek nalungtik hasiat cai eta di sakola

Ieu mangrupakeun pangalaman anu bersejarah pikeun kuring jeung babaturan. Salian ti kaendahan pilemburan Cikahuripan teh geuning masih seueur panunjang-panunjang sejenna anu ngajadikeun desa eta maju, makmur, kakoncara ka mana-mana. 

   Ku ayana kitu hayu urang sadayana piara, urus kaendahan desa urang, kampung urang supaya kaendahan sareng kakayaannana tetep jadi milik jeung primadona urang sadayana. Sabab, kusaha deui tempat lingkungan urang diurusna lamun lain ku urang sorangan.

No comments:

Post a Comment