Panon poe can wani
nembongan, hiliwirna angin nyulusup kana sela-sela jandela kamar kuring.
Sora adan meh reang patembalan, atra pisan kadenge sorana ti unggal
lembur. Ngahudangkeun papada jalma anu keur talibra sare, kaasup oge
kuring. Indung jeung Bapa kuring ge harudang, rek ngalaksanakeun solat
subuh berjamaah. Barijeung karasa tunduh keneh, ngoloyong kuring ka cai
rek nyokot ci wudu. Karasa, nyelenyes kana kulit kuring dina ngocorna
cai anu tiisna teh asa cai es.
Rengse solat berjamaah, masing-masing pada
mersiapkeun sagala rupa anu dibutuhkeun keur kaperluan. Bapa kuring
mersiapkeun rek indit gawe jeung Indung kuring ge rek indit balanja ka
pasar. Kagiatan ieu teh ku kulawarga kuring terus dilakukeun, komo ku
indung jeung bapa kuring mah da puguh kahirupan kuring sakulawarga teh
hayang maju, supaya teu tinggaleun ti batur teuing, nu geus maraju
hirupna. Jeung pan kuring perlu biaya keur sakola, bekel jeung keur
jajan sapopoe.
Kuring ka papadonan ku
bapa, supaya mangnyemirkeun sapatu keur persiapan rapat di kantorna
beurang engke. Kuring ge kapapadonan ku indung, supaya kukumbahan wadah
nu kalotor. Dititah ku indung jeung bapa teh kuring ukur mesem, ukur
unggeuk tanda satuju. Ngan kuring teu pati mirosea ka panitah indung
jeung bapa tadi, da puguh kuring ge rumasa boga sipat nu teu tartib,
gurung gusuh, jeung babari poho. Sabada kitu teh kalahkah terus we
nyiapkeun saragam sakola, buku-buku pelajaran, jeung sajabana anu
diperlukeun keur indit ka sakola isuk ieu. Nu puguh mah kuring teh
sieun, hiji mangsa kuring kungsi dihukum ku guru kelas lantaran kuring
salah mawa buku pelajaran, anu kuduna mawa buku pelajaran Matematika,
kuring kalah mawa buku pelajaran Basa Sunda. Atuh dicarekan kuring teh,
da bakating ku poho tea.
Sanggeus kuring siap rek
geura indit ka sakola, hareneg kuring cicing heula di hareupeun panto
imah. Batin kuring, naha asa sepi kieu di jalan teh. Nu biasana barudak
babaturan kuring sok silihsampeur gegeroan ka imah kuring ge, naha
geuning poe ayeuna mah meuni taya pisan. Ah keun wae meureun geus
taruluy naringgalkeun kuring sugan. Waktu kuring keur disapatu, torojol
indung kuring balik ti pasar, langsung tumaya ka kuring, “Naha nyai geus
make saragam? Naha rek sakola kitu?”. Kuring ngajawab, “Naha ema bet
tumanya kitu? Nya enya bade ka sakola atuh. Ongkohan aya ulangan poe
ayeuna teh. Jaba guruna galak, guru Matematika, Pa Karsidi ngaranna teh
Ma.” Rengse disapatu kuring buru-buru cengkat tur nyodorkeun leungeun ka
Indung kuring nandakeun kuring rek geura indit ka sakola. Ku indung
kuring ditarima, bari ngomong “Naha Nyai, apan ayeuna teh poe Minggu,
jeung deuih piraku aya ulangan? Lain Minggu mah waktu na libur sakola?”
kuring reuwas kacida ngadenge Indung kuring nyarita yen ayeuna teh poe
Minggu. “Ah ema mah sok ngaco, kapan ayeuna mah Poe Saptu lin?” kuring
nembal barijeung keur nginget-nginget yen ayeuna teh poe naon. “Na ai
Nyai, ayeuna mah Poe Minggu geulis. Poe saptu mah geus kaliwat, kamari.”
Indung kuring rada kerung.
Tidinya kuring rada ngahareneg, dina fikir
kuring mah teu kabayang pisan yen ayeuna teh poe Minggu. Samaruk teh
poe sakola we saperti biasana. “Harrr ema, baruk ieu teh poe Minggu
nyah?” kuring karek sadar bari terus gek diuk ngahuleng salila-lila, aya
rasa era ka diri sorangan nu boga sipat pohoan teh kacida-cida teuing,
tepi ka poe nu kuduna libur sakola ge kalahkah rek indit ka sakola, ngan
untungna aya indung kuring nu gowat ngingetan ka kuring. Tamba era
tuluy we kuring nyokot balanjaan nu dibawa ku Indung kuring ti pasar,
terus digiwing bari era kacida.
Pikir kuring bari ngoloyong ka dapur, nya
paingan atuh indung jeung bapa kuring teh teu mekelan ka kuring keur
sakola, sihoreng indung jeung bapa kuring mah apaleun yen poe ayeuna teh
poe Minggu, keur deuih da soal bekel jang jajan mah kuring teh tara
pernah poho.
No comments:
Post a Comment