Saturday, 30 November 2013

CARPON:Geus Jadi Sipat

               Panon poe can wani nembongan, hiliwirna angin nyulusup kana sela-sela jandela kamar kuring. Sora adan meh reang patembalan, atra pisan kadenge sorana ti unggal lembur. Ngahudangkeun papada jalma anu keur talibra sare, kaasup oge kuring. Indung jeung Bapa kuring ge harudang, rek ngalaksanakeun solat subuh berjamaah. Barijeung karasa tunduh keneh, ngoloyong kuring ka cai rek nyokot ci wudu. Karasa, nyelenyes kana kulit kuring dina ngocorna cai anu tiisna teh asa cai es.
Rengse solat berjamaah, masing-masing pada mersiapkeun sagala rupa anu dibutuhkeun keur kaperluan. Bapa kuring mersiapkeun rek indit gawe jeung Indung kuring ge rek indit balanja ka pasar. Kagiatan ieu teh ku kulawarga kuring terus dilakukeun, komo ku indung jeung bapa kuring mah da puguh kahirupan kuring sakulawarga teh hayang maju, supaya teu tinggaleun ti batur teuing, nu geus maraju hirupna. Jeung pan kuring perlu biaya keur sakola, bekel jeung keur jajan sapopoe.
                Kuring ka papadonan ku bapa, supaya mangnyemirkeun sapatu keur persiapan rapat di kantorna beurang engke. Kuring ge kapapadonan ku indung, supaya kukumbahan wadah nu kalotor. Dititah ku indung jeung bapa teh kuring ukur mesem, ukur unggeuk tanda satuju. Ngan kuring teu pati mirosea ka panitah indung jeung bapa tadi, da puguh kuring ge rumasa boga sipat nu teu tartib, gurung gusuh, jeung babari poho. Sabada kitu teh kalahkah terus we nyiapkeun saragam sakola, buku-buku pelajaran, jeung sajabana anu diperlukeun keur indit ka sakola isuk ieu. Nu puguh mah kuring teh sieun, hiji mangsa kuring kungsi dihukum ku guru kelas lantaran kuring salah mawa buku pelajaran, anu kuduna mawa buku pelajaran Matematika, kuring kalah mawa buku pelajaran Basa Sunda. Atuh dicarekan kuring teh, da bakating ku poho tea.
                Sanggeus kuring siap rek geura indit ka sakola, hareneg kuring cicing heula di hareupeun panto imah. Batin kuring, naha asa sepi kieu di jalan teh. Nu biasana barudak babaturan kuring sok silihsampeur gegeroan ka imah kuring ge, naha geuning poe ayeuna mah meuni taya pisan. Ah keun wae meureun geus taruluy naringgalkeun kuring sugan. Waktu kuring keur disapatu, torojol indung kuring balik ti pasar, langsung tumaya ka kuring, “Naha nyai geus make saragam? Naha rek sakola kitu?”. Kuring ngajawab, “Naha ema bet tumanya kitu? Nya enya bade ka sakola atuh. Ongkohan aya ulangan poe ayeuna teh. Jaba guruna galak, guru Matematika, Pa Karsidi ngaranna teh Ma.” Rengse disapatu kuring buru-buru cengkat tur nyodorkeun leungeun ka Indung kuring nandakeun kuring rek geura indit ka sakola. Ku indung kuring ditarima, bari ngomong “Naha Nyai, apan ayeuna teh poe Minggu, jeung deuih piraku aya ulangan? Lain Minggu mah waktu na libur sakola?” kuring reuwas kacida ngadenge Indung kuring nyarita yen ayeuna teh poe Minggu. “Ah ema mah sok ngaco, kapan ayeuna mah Poe Saptu lin?” kuring nembal barijeung keur nginget-nginget yen ayeuna teh poe naon. “Na ai Nyai, ayeuna mah Poe Minggu geulis. Poe saptu mah geus kaliwat, kamari.” Indung kuring rada kerung.
Tidinya kuring rada ngahareneg, dina fikir kuring mah teu kabayang pisan yen ayeuna teh poe Minggu. Samaruk teh poe sakola we saperti biasana. “Harrr ema, baruk ieu teh poe Minggu nyah?” kuring karek sadar bari terus gek diuk ngahuleng salila-lila, aya rasa era ka diri sorangan nu boga sipat pohoan teh kacida-cida teuing, tepi ka poe nu kuduna libur sakola ge kalahkah rek indit ka sakola, ngan untungna aya indung kuring nu gowat ngingetan ka kuring. Tamba era tuluy we kuring nyokot balanjaan nu dibawa ku Indung kuring ti pasar, terus digiwing bari era kacida.
Pikir kuring bari ngoloyong ka dapur, nya paingan atuh indung jeung bapa kuring teh teu mekelan ka kuring keur sakola, sihoreng indung jeung bapa kuring mah apaleun yen poe ayeuna teh poe Minggu, keur deuih da soal bekel jang jajan mah kuring teh tara pernah poho.

Bukan Perpisahan

Untuk Ririaban,
Ini bukan perpisahan,
Percayalah...

Teman,...

Ada putih, akan ada pula hitam. Ada senang, dan ada juga sedih. Begitupula di setiap pertemuan, pasti akan ada perpisahan. Terkadang, menyakitkan memang menghadapi kenyataan. Mau tidak mau, sanggup tidak sanggup, harus dihadapi, harus dijalani. Begitulah roda kehidupan...

Mungkin untuk saat ini, kita yang akan merasakan sebuah perpisahan, perpisahan yang begitu menyakitkan. Setelah sebelumnya mengalami pertemuan yang sangat indah, indaaah sekali. Sebuah kebersamaan yang didalamnya banyak mengandung makna, yang sangat berarti. Setiap canda&tawa, setiap keharuan, dan setiap moment bersama adalah suatu keindahan yang membuncah dan menjadikan semuanya terasa lebih berharga.

Aneh&nyata,... sebelumnya aku belum pernah membayangkan suatu persahabatan ini terjalin dan tertata begitu sangat rapi. Rapi untuk disimpan dalam lemari pintu hati. Selamanya akan ku kunci rapat-rapat, takkan pernah terganti dan terlupakan. Namun sayang, kebersamaan ini terlalu singkat, memang.
Belum sempat aku memelukmu erat teman, belum sempat aku melangkah bersamamu lebih jauh teman, namun kau sudah cepat pergi saja. Tapi yakinlah, ini bukan sebuah perpisahan, justru akan lebih mendekatkan hati kita. Percayalah, teman. Karena kita adalah sahabat.

Kawan,...

Mimpi-mimpi yang pernah kita lukis indah di atas langit sana, harapan-harapan yang pernah kita gantungkan setinggi awan. Ingatkah? Kejarlah! Gapailah! Kita akan sama-sama berlari, siapapun diantara kita tidak akan ada yang tertinggal. Semoga...

Akan ku tunggu kalian sepuluh tahun yang akan datang,... 20-02-2020!